Minggu, 10 April 2016

Naskah Pancawedani

| No comment
Téks:
Ndeh Sanghya(ng) Sasana Maha Guru ngaran sanghyang pustaka. Sasana ma ngaranya urut nu ti heula. Maha ma nu leuwih ti leuwih, tina dunya. Guru ma [ma] ngara(n)na puhun nikang rat kabéh.

Hana upadyanta kadya(ng)ga ning manik kanarga, lawan manik sawéstra. Yéka puhuning suka duka, hala hayu. Byaktanya nihan: Bwah paksa, huning t(e)men, daék mwa kapalang.

Kalinganya: bwah ma sanghya(ng) pratiwi, basana dipahayu, diturunkeu(n), ditaék(k)eun, dicamahan, dicampuran, hanteu susut hanteu pu(n)dung hanteu geurah hanteu bijah, keu[deu]deung deung langgeng ngawakan na kapratiwian. Iya kéh! Éta na awak(eu)neun sang séwaka darma.

Paksa ma cai, alaeunana ma, basana biji[h]l ti huluna. Téka bwar hérang tiis rasana. Geus ma hanteu kawurungan, teka ri sagara. Sa/4v/kitu na turutk(eu)neun sang séwaka darma.

Huning ma ngaran angin, alaeunana ma, basana m(e)tu ti barat, téka hir tiis, leuleus datangna ka awak urang. Geus ma hanteu kawurunganan, basana bijil medeng di bwana. Sakitu na turutk(eu)neun, ku sang séwaka darma.

T(e)men ta ma ngaraning ka apuy deungeun ga(ng)gaman. Ti iña éta dipipakeunnakeun ku nu réya, ku geui(ng) na temen.

Daék éka ma ngaranya, Sanghyang Aditya, basana m(e)tu ti bwana wétan, hanteu kawurunganan, ku méga ku hujan, (ku) kukus ku sanghub, teka ri(ng) kulwan, ku geui(ng) éka laksana. Kitu kéh na turutk(eu)neun, ku sang séwaka darma. Mulah mwa iyatna-yatna di Sanghya(ng) Pasangkanan. Nihan sina(ng)guh pañcawédani ngaranya. Panca /5v/ ma watek lima, wé ma cai, dani ma sapu ñéré.

Tarjamahan:

Nya ieu pustaka suci Sanghyang Sasana Maha Guru téh. Sasana hartina titinggal ti nu ti heula. Maha hartina nu leuwih ti nu leuwih, ti (saamparan) dunia. Guru hartina sumber pikeun sakumna manusa.

Aya jalan tindakan nu kudu dituturkeun ku anjeun, nu dipapandékeun jeung perhiasan mutiara, ogé mutiara nu moncorong. Nya éta wiwitan tina kaayaan suka jeung dukana, cilaka jeung salametna. Ieu écésna mah: hasil maksud, mikaweruh enya-enya, daék hanteu kapalang.

Maksudna: bwah (hasil) téh bumi nu suci, nalika disalametkeun, diturunkeun, ditaékkeun, dikotoran, dicampuran, hanteu tisusut hanteu pundung hanteu motah hanteu ingkah, sakeudeung jeung salawasna ngamalkeun kapratiwian (aturan kaduniawian). Enya kitu! Éta nu kudu diamalkeun ku nu ngabdi kana darma (hukum).

Paksa (maksud) téh nyaéta cai, alaeunana mah nalika bijil ti huluna. Karasa ngamalir hérang tur tiis. Jeungna hanteu kahalangan nepi ka sagara. Sakitu nu kudu diturut ku nu ngabdi kana darma (hukum).

Huning (pangaweruh) mah nyaéta angin, alaeunana mah, basa bijil ti kulon, karasa ngahiliwir tiis, leuleus nebak awak urang. Jeungna hanteu kahalangan, nalika bijil di alam dunia. Sakitu nu kudu diturut ku nu ngabdi kana darma.

Temen (enya-enya) téh nyaéta seuneu jeung ganggaman. Nya ti dinya nu matak dimangpaatkeun ku jalma réa, ku nu pikiranna soson-soson.

Daék (kahayang) mah nyaéta panon poé, nalika medal ti buana béh wétan, hanteu kahalangan, ku méga ku hujan, ku haseup jeung halimun, nepi ka (surup) di béh kulon, ku sabab kasadaran kana hiji lampah. Sakitu nu kudu diturut, ku nu ngabdi kana darma. Mangka jeung iyatna kana Sanghyang Pasangkanan (Ajaran Awal). Nya ieu nu disebut pañcawédani téh. Panca hartina watek lima, wé hartina cai, dani hartina sapu nyéré.

Kabeungharan Kecap:
 
• ndeh ‘tah!’ (kecap panyeluk) = JwK
• nihan ‘ieu’ (kecap panuduh) = JwK
• sang hyang ‘suci’ saupama ditempatkeun saméméh kecap barang pikeun nuduhkeun yén éta barang téh suci, ump. – aditya ‘panonpoé suci’, - pasangkanan ‘ajaran wiwitan anu suci’, jst.
• sasana ‘ajaran, doktrin, sarana.’ Dina SSKK sanghyang sasana kreta ‘sarana pikeun karaharjaan’.
• maha tina Skt ‘badag, gedé, agung’
• puhun ‘awal, wiwitan, sumber.’ Band. Mal. Pohon. Di baduy pupuhu kaagamaan disebut puun. ngandung ogé harti séjén ‘emang (adi indung atawa bapa)’ dina teks Para Putera Rama jeung Rawana.
• kadyangga = kadi + anggan ‘minangka, lir ibarat’. JwK ‘id.’
• rat ‘manusa, jalma’
• upadyanta = upadéya –nta ‘jalan tindakan nu kudu dituturkeun –ku anjeun’ = JwK (Z 1337)
• manik ‘mutiara’
• kanarga tina kana (Skt kangkana) ‘perhiasan dina leungeun up. gelang, cingcin’ jeung arga ‘ajen, harga’ atawa ‘gunung’. Manik kanarga = perhiasan nu hargaan, perhiasan nu ajénan.
• sawéstra = tina sawé (JwK) ngalaya. manik sawéstra = manik nu ngalayah
• hala ‘cilaka, mamala’ = JwK
• hayu ‘salamet’, band. SdM rahayu ‘id.’ = JwK. dipahayu = dijieun jadi hayu = dijieun jadi salamet = ‘disalametkeun’
• byakta ‘écés, jéntré’ = JwK
• bwah ‘hasil’ = SdM & JwK buah
• paksa ‘tujuan, maksud, bisa ogé kahayang nu kuat’ = JwK. Dina SdM paksa, maksa ‘ngarahkeun (batur) pikeun migawé luyu jeung kahayang subjék’
• huning ‘mikanyaho, mikaweruh’. Band. SdM uninga.
• temen ‘enyaan, enya-enya’ = JwM.
• kalinganya = ka + ling +-an + -iya. ling ‘ucap’ = JwK, kalinganya = ‘maksud tina ucapan’
• pratiwi Skt ‘bumi’, sanghyang pratiwi ‘bumi nu suci’
• dicamahan = dijieun jadi camah = dijieun jadi rujit = ‘dirurujit’
• susut ‘labuh’ band. SdM tisusut
• geurah dina SdM ‘gumbira, suka bungah’, dina konteks kalimah jigana nuduhkeun harti ‘kaayaan motah’.
• bijah ‘motah, mijah’ dina SdM ngan dipikawanoh wangun rarangkén nasal mijah ‘id.’
• téka = ta + ika = nya éta = JwK
• bwar = bor, dina SdM nu dipikawanoh kecap balobor. Jigana parobahan tina bor + ‘rajékan dwi purwa’ bobor + infiks -al- = balobor, mangrupa kecap panganteur pagawéan pikeun nu ngamalir, ump. cai, getih, késang, jst.
• geus ma ‘anggeus mah, jeungna’
• kawurungan = ka- + wurung + -an = ka + batal + an = kahalangan.
• teka = nepi ka. Ulah pahili jeung téka (tina ta + ika) ‘nyaéta’
• ri = di, ka (kecap pangantét) = JwK
• séwaka darma = sebutan pikeun nu ngabdi kana tugas (hukum)na di alam dunia.
• hir = SdM hiliwir. Kecap panganteur pikeun angin.
• medeng tina sedeng + n- ‘meujeuhna’
• apuy ‘seuneu’. SdM parupuyan jigana mangrupa obahan tina apuy+ pa-an -> paapuyan -> parupuyan.
• ganggaman ‘sanjata, pakarang’
• dipipakeunakeun = dipi – + pikeun + na + keun = ‘di(pigawé) pikeun’
• nu réya ‘jalma réa’
• geuing ‘kasadaran, pikiran’
• Sanghyang Aditya ‘panon poé’
• kukus ‘haseup, kabut’
• sanghub ‘halimun’ JwK
• mulah mwa ‘ulah hanteu, kudu’
• iyatna-yatna ‘merhatikeun enya-enya’
• sanghyang pasangkanan ‘ajaran wiwitan, ajaran awal’
• pañcawédani ‘lima jalan pikeun mersihkeun jiwa’
• wé ‘cai’ = JwK
• dani ‘jadi caang, lénglang, béngras’ = JwK. Dina téks mah dipapandékeun jeung sapu nyéré, nu sapopoé dipaké alat pikeun mersihkeun runtah.

Kat:
Band = Bandingkeun, id. = idem, JwK = Jawa Kuna, JwM = Jawa Modéren, Mal = Malayu, SdM = Sunda Modéren, Skt = Sangskreta
Kategori :

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

PERSONAL

Tentang Ibo Zavasnoz.

Tentang Karinding.

Tentang Iket Sunda Kiwari.

TERAKHIR DILIHAT