Kamis, 28 April 2016

Naskah Pantun Bogor

| 6 Comments
Pantun Sunda berbeda pengertiannya dengan Pantun Melayu, Pantun dalam budaya Melayu adalah puisi, sedangkan Pantun dalam pengertian Sunda adalah seni pertunjukan. Pantun Sunda adalah cerita tutur dalam bentuk sastera lama sunda yang dibawakan oleh Juru Pantun secara proloog, dialog dan seringkali dinyanyikan dengan diringi kecapi lama yang bersenar 7 dan dimainkan sendiri.

Pantun Sunda sudah ada sejak jaman Pajajaran , seperti yang ditulis dalam naskah Siksakandang Karesian (1518 Masehi) dimana ketika itu juru pantun membawakan lakon cerita : Anggalarang, Banyakcatra dan Siliwangi. Pertunjukan Pantun Sunda juga mempunyai nilai sakral dalam kandungan cerita dan pertunjukannya, untuk acara acara sakral (upacara adat) biasanya dimulai pukul 13.00 sd 15.00, sedangkan untuk pertunjukan hiburan diadakan malam hari dari pukul 20.00 sampai 04.00 pagi.

Di antara kisah-kisah pantun yang terhitung masih lengkap yaitu pantun (khas) Bogor sumber Gunung Kendeng sebaran Aki Uyut Baju Rambeng. Pantun Bogor ini sampai akhir abad ke-19 hanya dikenal oleh warga masyarakat Bogor marginal (pinggiran), yaitu masyarakat pedesaan. Mulai dikenal oleh kalangan intelektual, setelah tahun 1906C.M. Pleyte (seorang Belanda yang besar perhatiannya kepada sejarah Pajajaran)melahirkan buku berjudul Moending Laja Di Koesoemah, berupa catatan pribadinya hasil mendengar langsung dari tuturan juru pantun di daerah Bogor sebelah Barat dan sekitarnya. Ia lebih menaruh perhatian besar kepada Pantun Bogor,karena menurut penelitiannya Pantun Bogor termasuk yang paling utuh jika dibandingkan dengan pantun-pantun daerah Jawa Barat sebelah Timur, baik dalam cara memainkan pantunnya, bahasa Sundanya, juga termasuk sumber sejarah yang dikisahkannya. Sedangkan pantun-pantun daerah Jawa Barat sebelah Timur, kala itu katanya sudah banyak tidak utuh lagi.

Pantun Bogor

Pantun Bogor ini terdiri dari 2 bagian, yaitu; Pantun Bogor Leutik dan Pantun Bogor Gede.
Pantun Bogor Leutik berkisah tentang kehidupan sehari hari masyarakat Pajajaran , tentang putri raja dan para ksatria, sedang kan Pantun Bogor Gede berkisah tentang agama Sunda, silsilah raja raja Sunda, ramalan (uga) dan pola pemerintahan kerajaan Sunda.

Pada masa lalu Pantun Bogor dituturkan oleh juru pantun dengan iringan kecapi lisung senar 7 khas Pajajaran yang kini sudah punah. Saat ini kesenian pantun sudah hampir punah di Jawa Barat, kalaupun masih ada juru pantun sudah sangat tua. Barangkali masyarakat adat yang masih bertahan seperti Masyarakat Kanekes (baduy), Kampung adat Ciptagelar di Pelabuhan Ratu , Kampung Kiara Pandak (kampung urug) di Cigudeg Bogor, kesenian Pantun ini masih bertahan karena Pantun ini menjadi bagian dari acara ritual Sunda.

Di kota Bogor tercatat terakhir masih ada Juru pantun yang tinggal di kampung Cibeureum Kelurahan Mulyaharja Kota Bogor, Abah Kanceng Adi Wijaya.dan Abah Usep dari Cariu, dua duanya sudah meninggal dunia tahun 2008 lalu. Yang masih hidup barangkali hanya Abah Odo di Gunung Bunder. Sedangkan salah satu Juru Pantun terkenal dari Bogor (Pa Cilong) dengan karyanya "Ngadegna Dayeuh Bogor" namanya diabadikan menjadi nama tempat "Jalan Pa Cilong " di Kebun Pedes Tanah Sareal.


PANTUN BOGOR
Beunang Rakean Kalang Sunda

Papantun nujadi ciri BUKTI NYAMPAK yen PRABU SILIWANGI tumetep NGAGEM JATI INDUNG !

1 (Pantun Leutik)

Lamun dipareng dia pasampak; jeung nu arunggah ka MANDALA; kula titip pangabakti; pamunjung kanu di RUHUR; nu kiwari pada suwargi; Pun sapun! ka RUHUR ka Bale Agung Anu Nunggal di Mandala Agung! Ka HANDAP ka Batara pangraksa jagat; ka Batari panghurip bumi; ka Ambu Sari Pohaci; ka Nay Sri Ambu Pangasih

Paralun! ka gunung bakal kacatur; ka lebak bakal kasebut; ka cai bakal kaungsi; ka tangkal bakal kapahpral; ka sakabeh nu ngarana ; dijieun bukti carita; tapi carita nu teu make saksi; Pun ! Kaula deuk nginjeum ngaran; caturkeuneun dina beja; lalakonna DADAP MALANG; nu baheula nyorang aya; sisi kidul CIMANDIRI

Paralun ! Saha nu diinjeum ngaranna ?Putri Bungsu P U R N A M A S A R I; mayang P A J A J A R A N nu lenjang. Saha anu dilalakonkeun ?RAKEAN KALANG SUNDA; nu engkena salin rupa.

Paralun! Ayeuna mah; ulah panjang untar nu diarah; ulah mandang gendang mawa wirama; ulah sungapannana anu dijugjug; tapi urang teang tampiannana; munday ka muharana

Urang mimitian bae; di jaman PAJAJARAN meujeuh tagiwur; dayeuhna eukeur dirugrug; deuk dijarieun JAGAT PAPAK.

2 (Pantun Gede)

Kocapkeun di waktu perang; di muhara Cipinanggading; saha nu jadi lulugu perang ?di PAJAJARAN ;RADEN KUMBANG BAGUS SETRA; nu can lila papangantenan; ka NAY PUTRI PURNAMASARI; putri raja pangbungsuna.

Nu jadi tameng dadana ? NAY RADEN KALANG SUNDA; nu ceuk beja ti nu weruh; asalna ti KAHIYANGAN; Nu dijurung ? Ku SANGHIYANG DEWA BATARA KALA; turun jadi budak angon; nu dikukut ku Ki Lengser pikeun jaga di wayahna; jadi aweuhan patakonan; ku tetengger patilasan; jeung ku uga ka-awun-awunan

Mun Rakean direndengkeun; jeung Den Kumbang Bagus Setra; moal heula deudeuleuan; tina muncang saparangge; ngan bae kulit Rakean; hideung santen tapi manis !

Ceuk tadi oge, ulah panjang untar nu diarah; tapi abeh gancang ka muharana; urang punday ti tampiannana; Urang longok bae Si Lengser; nu di muhara Cipinanggading; keur mapag muduh nu ti kulon.

Ceuk Si Lengser: “Deuleu, Rakean ! Ari ngaranna perang teh; mudu maehan samemeh dipaehan !tapi Ulah maehan lamun teu perlu ! jeung ulah poho; papasten teh; hanteu dipastikeun ku seukeutna tungtung tumbak; atawa ku baruang ruruhit panah !

tapi, KU TEPUNGNA WAKTU NU TANGTU; NU NANGTUKEUN AYANA AYA; JEUNG NANGTUKEUN AYANA EUWEUH; tapi, DINA PINDAHNA AYA KA EUWEUH; NGAN EUWEUH DINA PANGDEULEU; TAPI TETEP AYA DINA EUWEUH JAMAN.

Tah ! Sabab eta, Rakean ! Ulah sia edek keder ! Amun paeh di pangperangan; perang bela ka nagara
najan ngaran sia dilaleungitkeun; di buritna moal sia jadi jurig !

Sabab sia mah; kapapancenan; nganyam carita saban jaman; numbu catur keuna waktu; mudu tunggu ka cundukna; nyaksian saniskara; anu jagana pasti bukti kajadian !

Ayeuna Rakean ! Dengekeun ku sia ; Tuh ku sia deuleu; Nay Putri Purnamasari; jeung Den Kumbang Bagus Setra ! Perangna parerendeng; teu garimir ku pamor keris ; teu nyaringkah ka hujan panah.

Tapi, ngaladenan musuh nu ngarempug; teu beda meong sajodo; Ngaing ayeuna mudu mantuan raja

Sia di dieu ! Bantuan den Bagus Setra; jeung jaga-jaga jug sia! Nay Putri Purnamasari; ulah murag buukna salambar; ulah ngeclak getihna sakeclak !

Mun kapaksa: perangan sia mudu atar; sia mah mudu mundur; dina buntutna aleutan ! Jeung dimana sia mundur; tapak sia ninggalkeun kalang; mudu dibalayan tulang musuh; jeung taneuhna mudu kasiram heula getih nu julig !

Ngaing ayeuna deuk mantuan raja; mihape ngaing Nay Putri; ulah awak inyana karagap
ku nu lain ragapeunnana…!

Urang ayeuna kocapkeun DAYEUH PAJAJARAN; dayeuh Pajajaran nu baheula ! Dayeuh geus kakurung musuh; rungkad kuta ancur lebur; jadi rata eunjeung taneuh !Ngaguruh ! Cara Guntur turun ti Gunung !

Laju ! Der dimana-mana; seuneu burung nggedag-gedag; luntab-lentab mani nyeak ditiup angin kenceng ngahiuk ! Sora seuneu nu ngaguar sabari nyuit; jeung surak musuh nu ngaguruh; dibarengan ku sora awi pating beletok; tina imah-imah dihuru musuh !

Ditambah ku jerit sasambatna somah; nu kasima teu walakaya; jeung haregungna balad nu taratu; waktu gugur jero kalang pangperangan ! Moal kacipta ku Pujangga; moal kagambar ku tukang ngarang; moal katepi ku tukang mikir; moal kacatur ku juru pantun…!

Geumpeur – keueung – sieun – ambek – rusuh – nyeri – sedih – keuheul…. ! Kabeh jadi hiji dina tarungna URANG PAJAJARAN ngalawan musuh anu bilanganana hanteu nanding; jiga geus kitu muduna; ditangtukeun KU NU NYIEUN LALAKON; silalatu jiga disebar kamana-mana; nyundut hateup imah nu jarauh.

Saban seak leokna angin; ranggeuman seuneu tatabah ngalegaan. Nya hanteu lila; sadayeuh PAJAJARAN; jadi TALAGA NALA-SINALAAN…!

Euweuh saung nu nangtung; euweuh kandang tinggal papalang; euweuh leuit anu kari; euweuh imah anu hanteu kalentab ! Kabeh anu aya di jero dayeuh; euweuh nu kari ! Kabeh- kabeh- kabeh-…… kabeh ngan kari urutna ! Kadaton kari umpak; tingpecenghul dina lebu anu hauk !

Tamanna jiga rarahan; tarate layu kabarerang; Tangkal kadu – tangkal manggu; tundun – dukuh eujeung picung; ngan kari kayu nu nangtung; hideung lestreng jaradi areng; ngalenggeceng sabari ngelun ! Kabeh- kabeh-……jaradi lebu…!

KETANG ! Aya keneh nu kari; jiga teu kadeuleu ku seuneu; NYA eta! HANJUANG SIYANG sadapuran; sisi taman beulah wetan; sakalereun LAWANG GINTUNG !

Tah eta ! PAKU JAJAR sadapuran; jiga dikarikeun pikeun saksi; anu nyorang milu ngalaman; JAYA JEMBAR PAJAJARAN; nu nalangsa teu walakaya; neuleu PAJAJARAN; lebar jadi awun-awun;

Jiga ditinggalkeun pikeun bukti; yen mun jaga; raja panyelang hayang nuar; tangkal awisan nu nyesa; tina eta KIPAHARE sadapuran; tah eta teh tanda wayahna; caringin agung; baris rungkad kaanginan; buah hejo jaradi beureum; muragna ku lini gede !

LAJU ! PAJAJARAN NGADEG DEUI TIMBUL TINA SILALATU !

Urang tunda pakujajaran pahare-hare; ngajajaran sisi jalan; nanggoan wayahna siang; beulah kaler ngabaranang…. Urang kocapkeun bae; PAJAJARAN kadeseh perang…!

RADEN KUMBANG BAGUS SETRA; jeung RAKEAN KALANG SUNDA; bari ngahapit NAY PUTRI PURNAMA SARI; perangna mudu mundur, mundur-mundur; mundur ka girangkeun ! Laju nyabrang ka PAMOYANAN ; ka beulah wetan ka suku gunung; nu kiwari disebutna GUNUNG GADUNG !

Di dinya perang deui; perang rosa jasa ! Ngamukna Rakean; ngabantu perangna meong sajodo; nahaliwukwun musuh nu ngarempug ! Di tegalan GANDAPURA; urang kocapkeun; rakean dihurup ratusan musuh !

Tapi, moal Rakean dingaranan KALANG SUNDA; mun masih keneh aya tumbak bisa neurak; aya bedog bisa nyeblok; aya panah bisa keuna……; Sabab nu harita eukeur ngamuk; lain Rakean KALANG SUNDA; tapi SUKMA SUNDA anu ngalang raga RAKEAN……!

Harita; harita dina hunyur anu kidul; NAY PUTRI PURNAMASARI; parerendeng jeung DEN BAGUS; keur haliwu ngayonan musuh ! Tapi teu beda ombak sagara; nu ngaguruh neumbrag karang; laju buyar jadi budah; tah kitu datangna musuh; nu ngarugrug laju kasambut !

Sabab hanteu beda tina karang; tara ngeser ti basisir; NAY PUTRI jeung DEN BAGUS; teu nyingkah najan satindak; Urang kocapkeun deui dina LEBAK PAMEGATAN di tegalan GANDAPURA; rajeuna dikurung musuh; anu bari surak mani ngaguruh; ting pucunghul ti saban juru; jiga ajag regag saaleutan; narubruk uncal nu kapakung; tapi Rakean hanteu keueung; dina campuh pagulung-gulung; Rakean ngejat ka tengah abrulan; KUJANG-na euweuh gagalna ; tiap musuh nu kasunduk; terus nambru amburadul.

Aleutan musuh tambal ngabrul; tambah deui hakanaeun KUJANG; tambah deui nu jaradi wadal; tapi aleutan teu eureun2; musuh ngabrul pa-buru2; jiga koral diawur urug; cara koral turun ti gunung; wadal KUJANG nu pandeuri; pa-unggul2 nindihan batur; lain batur PAJAJARAN. Tapi batur nu nga-rug-rug; kumaha ramena perang harita; teu kacatur dina galur; tapi cenah ceuk beja mah; eureun soteh ku sabab matapoe geus surup tukangeun gunung; laju musuh pada reureuh !
__________________________________

Hear-hear cahaya tina sinar matapoe; nu di kulon nyusup kahalingan gunung-gunung di kajauhan; geus teu geuneuk teu melegmeg; tapi semuna geus meh rata; jeung semu langit nu mentang ti beulah wetan…. reup…reup…reup….. gancang ilangna deungdeuleuan! Beurang geus kaganti ku peuting ! Peuting…. poek anu poek; anu poek di Gunung Gadung………. !

Gunung Gadung ! Rada jauh ti beulah kaler; langit tembong semu geuneuk rada kasumba, nandakeun ruhak-ruhak di urut DAYEUH PAJAJARAN; masih keneh ruhay; kahurungkeun deui- kahurungkeun deui; ku angin anu ngagelebug ngulon-ngidul; peuting harita; peuting Gunung Gadung.

Tapi- lain peuting anu jempling!

Sabab ti sareupna poek turun ngarurub alam; bebence teu eureun-eureun tinggeleber pulang anting; gandeng tuweuw patembalan; regag ajag ti kaanggangan ! Mingkin poek mingkin tambah rasa keueungna; mingkin tetela kadengena; ungas-ingus maung eujeung kerud; kalaluar ti guhana; ngambeu hanyir getih kabawa angin; tinggolosor sa-gede-gede cangkeng; oray sanca pararanjang; ngambeu bangke patulayah; diselang teu eureun-eureun rada jauh kadengena; loba jerit menta tulung; jerit jelema nu harirup keneh; tapi payah teu walakaya; keur direcak ajag nu garalak; loba jerit sasambatan; jerit jelema harirup keneh; tapi payah teu walakaya; keur ditekuk digusur maung

Peuting harita disimbutan ku poek mongkleng; Rakean nyingkah lalaunan ka ruhur hunyur !

Reg- randeg ! Rakean ngarandeg deukeut mumunjul; ceuk inyana bari ngaharewos: “Raden Bagus ieu kaula!” ti nu poek kadenge tembal nu ngaharewos: “Rakean !?!?”

Harewos Rakean bari ngadeukeutan: “Heu-euh…! Kula Rakean…! Meungpeung musuh eukeur meungpeung poek sakuriling bungking ! Geuwat geura nyingkah ! Tuturkeun batur ngidul ngetan ! Geura nyingkah ! Ulah dia ngadagoan kula !”

Harewos deui tinu poek: “Ari dia deuk kamana Rakean ?” Ceuk Rakean harewos sabari mundur: “Kula mah deuk naggoan brayna beurang; deuk nyanghareupan hudangna musuh ! Supaya dina brayna beurang geus caang deui, dia duaan geus jarauh ti pangdeuleuna !”

Harewos nembal ti anu poek; harewos nembal Nay Putri: “Rakean !mending geh nyingkah tiluan sabab musuh lain layaneun ku saurang !” Harewos deui ti Rakean: ” Montong teuing ku sorangan; isukan mah musuh teh lain pitandingeun urang tiluan, tapi memeh kula ninggalkeun kalang; musuh deuk di-awut-awut heula; supaya dia duaan bisa jauh hese susuleun; Mun dia deuk ngadagoan; tanggoan bae dimana karep…!”

Nay Putri ngaharewos: “Rakean !kumaha mun kasambut…!?” Harewos Rakean sabari mundur: “Awak kula jadi babatang; hakaneun ajag di sampalan; pacokeun gagak anu nyampak !Ayeuna mah dia bae geura nyaringkah; Engek oge kula nyusul; Tapi ulah eudeuk ngarep-ngarep”. Sakali deui ti anu poek; kadenge sora harewos; dibarengan sora tindak ati2; ceuk harewos- harewosna Raden Bagus : ” Hade ! Kula ditanggoan handapeun caringin leutik; di mumunggang hunyur itu !”

(*TUNDA! keun sina nyaringkah sina naranggonan di mumunggang ! Urang mah urang tuturkeun Rakean nu turun ka lebak deui deuk nanggoan musuh harudang ! Urang kocapkeun geus beurang deui…!)

Musuh anu jaragjag keneh; geus sarurak deui!

LAJU !breg ngahurup Rakean ! teu kacatur kumaha perangna ! ngan kacatur bejana mah Rakean teh kawalahan….! Laju inyana ngarabut tangkal Kawung carulukan! laju dibubat-babet ka musuh… !

Ayeuna rada mendingan; sakali mabuk teh; bisa aya belasna musuh; anu ringsek kabeh tulangna;

acan deui nu katakol; ku caruluk muncrat geutahna; boro-boro musuh eudeuk nubruk; boro-boro pakarang ngangkat pakarang; ku gagaro oge bae; geus kawalahan; ateul retep saluar awak; geus lain garoeun deui; geutah caruluk nyaliara; tul-tel tepa ka anu nga dupak… nepieun ka loba jasa musuh; nu teu katakol; teu ka-toel-toel acan; ku caruluk anu muncrat; teu pugah-puguh jadi arateul…! katepaan ateul tinu arateul; nepieun kusabab anggeus teu tahan; loba musuh gagarona; gugulingan bari aeuk-aeukkan; jiga can mahi keneh nga-kayana.

Rakean laju ngarabut tangkal jengkol; nu dipake nyayang odeng; laju tangkal jengkol sayang tawonan; di-keprak-keprakkeun; keuna musuh nu kawalahan GARO GANYANG…!

Nya karuhan loba musuh nu teu tahan; nya karuhan loba jasa nu marodar; nepieun tina musuh anu ratusan; ngan kari bebelasan nu hirup ! Ti dinya reup-reup… beurang kaganti ku peuting ! Rakean kaluar kalang; anggeus kalangna dibalay pitulangeun; anggeus taneuhna kasiram getih; ku getih nu kasambut…..!

Gunung Gadung,

Gunung Gadung nu kiwari aya keneh; teu lila ti harita; jadi tegal tulang rancah darah; Gunungna aya keneh; ngan rancahna anu saat; tapi tegalna di jaman nu bakal kasorang; baris pinuh deui dieusi tulang! lain tulang nu jaradi wadal; tapi tulang ti nu marulang sabab wayahna balik ka jati mulang ka asal !

(*TUNDA ! urang tunda Gunung Gadung nanggoan wayah jadi deui tegal tulang….. urang tuturkeun bae Rakean ka luar kalang! Inyana unggah ka mumunggang urut Raden Kumbang Bagus Setra)

Sejana eudeuk reureuh; tapi geus kitu muduna; Rakean kaheesan; mani tibra kerek nyegrek; heesna kaheesan…. Tengah peuting; geus deukeut janari; Rakean lilir; korejat hudang; laju ngadapang deui; bari matana dikerungkeun; pangdeuleuna diseukutkeun; nembus poek anu melegmeg.


Kategori :

6 komentar:

  1. rek komentar kumaha atuh pareng rek ngopi ge disosi, ongkoh dialungkueun ka PUBLIK tapi dikoretkeun mangga we diaos dilegleg ku nyalira sing wareg - aya kudua "silih simbeuhan pangarti"

    BalasHapus
  2. amun ieu teh KARYA SALIRA ... nya teu nanaon ngoretkeun ge, tapi apan ieu mah KARYA KARUHUN KISUNDA anu DIPIBOGA ku BALAREYA

    BalasHapus
  3. Antosan jilid anu Anyar ' gadeug deui pajajran Anu anyar di geingkeun ku obah na manusia anu serakah jeung pamimpin anu lalim ..jiwa anu ka nyenyeri menta keadilan yg maha kuasa ..

    BalasHapus
  4. http://taipannnewsss.blogspot.com/2018/03/ini-5-tafsir-di-balik-mimpi-buruk-anda.html
    http://taipannnewsss.blogspot.com/2018/03/berkat-duduk-dekat-jendela-pesawat-pria.html
    http://taipannnewsss.blogspot.com/2018/03/catat-tiga-pilihan-kado-tepat-untuk.html

    QQTAIPAN .ORG | QQTAIPAN .NET | TAIPANQQ .VEGAS
    -KARTU BOLEH BANDING, SERVICE JANGAN TANDING !-
    Jangan Menunda Kemenangan Bermain Anda ! Segera Daftarkan User ID nya & Mainkan Kartu Bagusnya.
    Dengan minimal Deposit hanya Rp 20.000,-
    1 user ID sudah bisa bermain 8 Permainan.
    • BandarQ
    • AduQ
    • Capsa
    • Domino99
    • Poker
    • Bandarpoker.
    • Sakong
    • Bandar66
    Kami juga akan memudahkan anda untuk pembuatan ID dengan registrasi secara gratis.
    Untuk proses DEPO & WITHDRAW langsung ditangani oleh
    customer service kami yang profesional dan ramah.
    NO SYSTEM ROBOT!!! 100 % PLAYER Vs PLAYER
    Anda Juga Dapat Memainkannya Via Android / IPhone / IPad
    Untuk info lebih jelas silahkan hubungi CS kami-Online 24jam !!
    • WA: +62 813 8217 0873
    • BB : D60E4A61
    • BB : 2B3D83BE
    Come & Join Us!

    BalasHapus

PERSONAL

Tentang Ibo Zavasnoz.

Tentang Karinding.

Tentang Iket Sunda Kiwari.

TERAKHIR DILIHAT