Selasa, 25 Maret 2014

Elmu Pangaweruh

Elmu nyaéta kumpulan pangaweruh pikeun ngajawab pasualan dina kahirupan manusa Sedengkeun pangaweruh nya éta sakabéh hal anu dipikanyaho ngeunaan objek anu tangtu. Gunana élmu pangaweruh nya éta pikeun alat dina ngabantu manusa nalika ngaréngsékeun masalah nu disanghareupan sapopoéna.

Teu sakabéh élmu pangaweruh bisa disebut élmu, sabab élmu mangrupa pangaweruh anu cara meunangkeunna téh kudu nyumponan sarat-sarat kalawan ngagunakeun metode ilmiah. Élmu mimitina tina pangalaman manusa jeung rengse dina wates pangalaman manusa. Dina masarakat sunda, aya anu istilah Pamali,Uga, Cacandran, jeung Kila-kila pikeun sawatara élmu pangaweruh masarahat sunda jaman harita.

Pamali, mangrupa istilah Basa Sunda pikeun ngagambarkeun norma tradisi lokal. Upama norma éta teu dilaksanakeun, mangka bakal aya balukarna. Dina tradisi filsafat positif, pamali téh disawang teu asup akal, sabab pamali miboga harti nu teu logis. Tapi dina jihat séjén pamali disawang pikeun hiji kaarifan lokal nu sabenerna miboga rasionalitasna sorangan nu aya patalina jeung étika.

Élmu nyaéta sakumna usaha sadar pikeun nalungtik, manggihan sarta ngaronjatkeun pamahaman manusa ti sagala rupa sisi kanyataan dina alam manusa. Sisi-sisi ieu diwatesan ambéh dihasilkeun rumusan-rumusan anu pasti. Élmu méré kapastian kalawan ngawatesan wengkuan tetempoanana, sarta kapastian élmu-élmu meunang ti kakawatesanana.

Contona: Élmu Alam ngan bisa jadi pasti sanggeus widangna diwatesan kana hal anu materil waé atawa élmu psikologi ngan bisa norah laku-lampah manusa lamun ngawatesan wengkuan tetempoanana kana sisi umum ti laku-lampah manusa anu nyata. Patali jeung conto ieu, élmu-élmu alam ngajawab pananya ngeunaan sabaraha jauhna panonpoé ti bumi, atawa élmu psikologi ngajawab naha saurang wanoja luyu pikeun jadi parawat.

Kecap élmu sorangan mangrupakeun kecap serepan tina basa Arab "ilm". Anu hartina surti, ngarti, atawa nyaho. Élmu pangaweruh bisa boga harti surti kana hiji pangaweruh, sarta élmu sosial bisa boga harti nyaho masalah-masalah sosial.
Kategori :

PERSONAL

Tentang Ibo Zavasnoz.

Tentang Karinding.

Tentang Iket Sunda Kiwari.

TERAKHIR DILIHAT