Rabu, 12 Maret 2014

Prasasti Batutulis Bogor

Prasasti Batutulis geus dialihaksarakeun ku sababaraha urang ahli, di antarana Friederich (1853), Holle (1869), Pleyte (1911), Poerbatjaraka (1921), jeung Noorduyn (1957). Ku Saléh Danasasmita, alihaksarana téh kieu,

1. 0 0 wang na pun ini sakakala, prebu ratu purané pun, diwastu
2. diya wingaran prebu guru déwataprana diwastu diya dingaran sri
3. baduga maharaja ratu haji di pakwan pajajaran sri sang ratu dé-
4. wata pun ya nu nyusuk na pakwan diya anak rahyang nis-
5. kala sa(ng) sida-mokta di gunatiga i(n)cu rahyang niskala wastu
6. ka(n)cana sa(ng), sida-mokta ka nusalara(ng), ya siya nu nyiyan sakaka-
7. la gugunungan ngabalay nyiyan samida, nyiyan sanghyang talaga
8. rena mahawijaya, ya siya pun 0 0 i saka, panca panda-
9. wa '(m)ban bumi 0 0

Tarjamahna kira-kira kieu:

1. muga-muga salamet ieu tanda paringetan, Prabu Ratu almarhum, dinobatkeun
2. anjeunna kalayan jeneng Prabu Guru Dewataprana, dinobatkeun (deui) anjeunna kalayan ngaran Sri
3. Baduga Maharaja Ratu Haji di Pakuan Pajajaran Sri Sang Ratu De-
4. wata anjeunna nu nyieun susukan di Pakuan anjeunna anak Rahyang Nis-
5. kala nu dikurebkeun di Gunatiga incu Rahyang Niskala Wastu
6. Kancana, nu dikurebkeun di Nusalarang, anjeunna nu nyieun paringet-
7. an gugunungan, ngabalay nyieun hambalan keur leuweung Samida, nyieun Sanghyang Talaga
8. rena Mahawijaya, (dijieun) dina (taun) Saka, "Panca Panda-
9. wa Ngemban Bumi"
Kategori :

PERSONAL

Tentang Ibo Zavasnoz.

Tentang Karinding.

Tentang Iket Sunda Kiwari.

TERAKHIR DILIHAT